ABU GUNDUL

Abu Gundul atawa disebut Siti Jubaedah.

Hadirna ka Surade mimitina kanyahoan di sisi basisir Karangbolong. Salirana jangkung koneng, ngalemar, tapi mastakana (sirahna) gundul. Ieu oge jadi dipake totonden (itungan) samemeh Jepang datang, Abu Gundul datang bari gundul, teu lila gubrag datang Jepang, kitu nu matak dipake ciciren ku urang Surade.

Pangna aya ka Surade, teu beda latartukang kahirupan Abu Cingkrik (Siti Julaeha) nyaeta teu tiasa ngalayanan Sultan Cirebon, cenah alatan Abu Gunduk mahekeun baki (baneja) sawaktos nyuguhan tamu nu sumping ka Sultan Cirebon. Anjeuna di tikah ku Sultan Cirebon (duka saha namina Sultan waktos harita). Waktos nyandak cai keuteun kanggo tamu Sultan, baneja (bakina) ti kait anu antukna baneja tea lesot tina cepenganana, gelas peupeus cai muncrat. Abu Gundul jadi cela (cacat) kanggo (anggah ungguh di Kasultanan Cirebon) sultan mawa isin panginten, teras Abu gundul di usir, kitu cenah. Abu Gundul apruk-aprukan deui cara Abu Cingkrik.

Padamelan Abu Gundul purah tutulung ka nu ngalaman susah (sangsara), utamana ka anu ekonomina lemah.

  • Di Pasirmalang aya anu hajat, tapi dina hajat eta anjeuna kakirangan daging kumargi dagingnya saalit, teras bae Abu Gundul nyandak jantung cau, berkat ku kasaktian Abu Gundul, eta jantung cau teh janten daging. Anu hajat oge bungaheun margi gaduh deui daging dina jantung cau tea, berkat di tukungan ku Abu Gundul.
  • Jang Emem putrana Ki Harmami di Kampung Cikujang, di pacok oray welang, ku Abu Gundul di tulungan nyaeta tilas anu dipacok oray tea ku Abu Gundul di kenyot nganggo Batu Ula (batu hideung anu Abu Gundul).
  • Putra Bi Ekos (Cikujang), teu damang (sakit) panas/menter, dugi ka apruk-aprukan, tos saminggu kasasar di leuweung, eta budak sasar (panas menter) bisa balik deui ka bumina ku jalan tarekah Abu Gundul ngaleupaskeun hayam hideung (hayam solasih)
  • Lamun aya nu sangsara sok tulang tulung. Tukang nyieun paso (kerambah), sok di pangjualkeun ku Abu Gundul. Ladangna sok dibagikeun ka jalma miskin, ari daganganana dibeuli ku Abu Gundul kalayan untung.

Timana Abu Gundul gaduh artos ?

Abu Gundul sering ngicalan dupa, candak anjeuna ti Cirebon (dupa teh sabangsa samara sasajen (menyan, kayu garu, setanggi, jeung kekembangan) paranti jarah atawa paranti mandi kembang. Eta oge deuih pangicalkeun cenah ti urang Cirebon.

Abu Gundul sering malih warni, sakapeung siga parawan, sakapeng sok aya dua Abu Gundul dina sawaktos. Caritana : Mang Padni (Kp. Cisaat nu babarengan jeung Abu Gundul minangka nu sok nanggungna daganganana. Ki Eman kungsi papanggih jeung Abu Gundul di Cihaur. Antukna Mang Padni jeung Ki Eman kungsi pahereng-hereng, ceuk Ki Eman, Abu Gundul bieu babarengan jeung dewek di Cihaur, ari ceuk Mang Padni, pan bieu jeung dewek dagang di Cijambe. (Dina sawaktu aya Abu Gundul misah tempat).

Abu Gundul teu tiasa di hayap ku sambarang jalma, estuning kuma kersa (karep) anjeuna bae. Ngan poma lamun ngajak anjeuna estuning kudu beresih hate, ulah aya pamrih. Ari padumukan Abu Gundul biasana di daerah Salenggang.

Kungsi aya jalma nu boga toko gede, ngahina ka Abu Gundul cenah tara sholat. Eta jalma nu boga toko gede teh ambruk (bangkrut), padahal Abu Gundul teu ngado'akeun goreng ka unggal jalma oge.

Sholatna jeung mandina Abu Gundul tara kanyahoan ku sambarang jalma, paingan awakna beresih bae salawasna. (kitu ceuk nu di tanya ku anu nulis).

Abu Gundul pupus dina tahun 1984, kalayan dilayad ampir ti sa-kecamatan Surade.

Wawancara tahun 1976 langsung jeung Abu Gundul di warung Ma Juan babarengan jeung Bpk. Ansor Sudaya, Penilik Kebudayaan Surade, kitu deui jeung Bpk Jajang Ruhyana, Penilik Kebudayaan Ciracap, basa Abu Gundul icalan dupa dina teras warung ma Juan (Pasirkarang).


00O00




Demikian Catatan Kecil tentang :
Terima kasih atas kunjungannya dan "Selamat Berkreasi Semoga Sukses"

Selanjutnya 
« Prev Post
 Sebelumnya
Next Post »

Catatan Terkait



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Silahkan tulis komentar / saran-sarang yang membangun di sini !

ABU GUNDUL