ABU GENDAM

Abu Gendam datang ka Surade kira-kira tahun 1959, cenah sabada Dekrit Presiden (5 Juli 1959). Abu Gendam sok icalan sabangsa kelontongan (jarum pentul, benang, peso lipet, kueh keur bangsa barudak jeung rea-rea deui).

Ari dagang, anjeuna mah sok sare bae, janten lamun urang rek balanja, boh meser naon bae, sok bae duitna simpen dina tolok tea. Abu Gendam ngadidik kana kajujuran tiap jalma nu balanja ka anjeuna.

Upami anjeuna uih ka Cirebon teh estuning mapah bae salila 5 poe opat peuting, ngaliwatan Ancaen, Sarongge, ka Bandung, Cadas Pangeran teras ka Cirebon. Upami mapah sareng anjeuna sok tara karasa cape, cenah ceuk nu kungsi ngilu-ngilu jeung Abu Gendam.

Pangna disebat Abu Gendam, kieu cenah : Dimana anjeuna manggil ka saha bae, cukup ku kereteg manah anjeuna, eta jalma anu di gendam (dipanggil) teh sok teras bae hoyong geura nepangan Abu Gendam.

Abu Gendam waktos sumping ka Surade masih anom keneh, tapi anjeuna teu kersaeun dipigarwa ku saha bae, sabab istri Sultan teu tiasa dipigarwa ku anu sanes, cohagna anu kantos janten istri sultan teras janten janda, teu kenging gaduh caroge deui, kitu cenah. Sapertos istri Nabi, teu kenging dipigarwa ku para sahabatna margi eta teh indungna kaum muslimin. Lamun aya lalaki anu hayang kawin ka tilas istri sultan, cohagna sarua jeung kawin ka indung. Meureun haram tea hukumna. Wallahu alam..!

Abu Gendam teu aya di Surade, teu kasebat-sebat deui namina duka ka mana sareng dimana ayana, sakitar dina tahun 1978. Sareng ngenaan Abu Gendam, nu nulis teu patos apal pisan, margi milarian sumberna tos teu aya deui anu tiasa ngajelaskeunana.


00O00




Demikian Catatan Kecil tentang :
Terima kasih atas kunjungannya dan "Selamat Berkreasi Semoga Sukses"

Selanjutnya 
« Prev Post
 Sebelumnya
Next Post »

Catatan Terkait



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Silahkan tulis komentar / saran-sarang yang membangun di sini !

ABU GENDAM