Sasakala Batu Sumbul Ciemas

D i Nagara Suwung, Sang Raja boga anak awéwé katelahna Putri Cimplung Maléla. Dina sedeng rumaja putri, Cimplung Maléla mangkat jadi putri anu geulis kawanti-wanti éndah taya nu ngabandingan. Ku kituna, teu anéh mun harita ka Nagara Suwung jul-jol raja-raja ngarora ti saban nagara tatangga, ngadon ngalamar Nyi Putri.

Raja, bapa Nyi Putri kacida bingungna, lantaran nu ngalamar nepika aya puluhna. Ceuk pikirna, ditarima ieu kumaha itu, ditarima itu kumaha ieu. Nya tina sajeroning kabingungna Sang Raja gancang ngayakeun sawala jeung para pamangku nagara séjéna. Ceuk kaputusan éta sawala, kapaksa diayakeun saémbara adu kasaktén.



Sasakala Batu Kendit Pelabuhanratu

Mun piknik ka Palabuhanratu tuluy ka Karanghawu, di sisi jalan belah katuhu saméméh nepi ka lebahan Samudra Beach Hotel (SBH) aya batu ngajegir gedé nakér, disebutna téh Batu Kendit. Di handapeun beulah wétan, aya dua makam, bari palataranana oge dirarata ku semen. Malah jalanna gé maké dihambal-hambal maké tangga sagala. Éta makam téh sok diparaké jarah ku anu baroga kaperluan khusus. Kayaning nu hayang naék pangkat, nu hayang maju usaha, nu hayang gancang meunang jodo jeung sabangsana. Padahal, baheulana mah éta makam téh teu aya. Mimiti ayana téh kabéhdieunakeun, sanggeus diadegkeun SBH. Malah aya kuncénan, kiwari mah (tahun 2009) dicangking ku Abah Empar Supardi urang Citepus.

Éta batu, pangna boga ngaran kitu, cenah mah aya sasakalana. Nyaéta gara-gara aya hiji Putri anu boga rupa kacida goréngna, nu ngarana Putri Kendita. Sanggeus tapa di luhur éta batu, robah jadi geulis. Mun hayang leuwih jéntré mah jalan caritana, kieu dongengna :




Sasakala Lebak Cawene

D ina mangsa Raja Pajajaran jeung sakur nu marilu seja ngungsi ka Nusa Larang, lebaheun hiji gunung katempo aya kuwung-kuwung ngundak tujuh nu melengkung siga ti laut, nutug ka hiji lebak anu lega tapi semu geueumeun. Di gunung éta urang Pajajaran cenah mah mani ngabéngbréng ngadon ngalalajoan kaéndahan alam nu cara kitu. Gunung urut ngabéngbréngna urang Pajajaran, kiwari gé aya kénéh, disebutna téh Gunung Béngbréng.


Nyi Putri Mayang Sagara Pelabuhanratu

P utri Mayang Sagara téh, Putri teureuh Pajajaran, anak Nyai Ratu Puun Purnamasari, incu Prabu Siliwangi Raja Nagara Pajajaran. Ari Nyai Ratu Puun Purnamasari, indungna téa, apan anu ngadegkeun Palabuhanratu baheula. Malah baheulanamah disebutna gé lain Palabuhanratu, tapi Cidadap Palabuhan Nyai Ratu.

Pangna disebut kitu, sabab baheula mah Palabuhan Ratu mimiti diadegkeunana téh lain Palabuhanratu anu kiwari, tapi dilembur Bagbagan, kiduleun Jambatan Gantung téa. Jaba ti kitu, pangna maké ngaran Nyai Ratu téh, katelah ku Ratu Puun Purnamasari téa anu ngadegkeunana.



Sasakala Palabuhanratu

M oal aya dua di Kabupaten Sukabumi téh, basisir anu alamna éndah kawas Palabuhanratu. Kitu deui ngaran tempatna, maké ngagunakeun sebutan Ratu, Palabuhan Ratu. Harti kecap labuh téh lain kasarna tina kecap geubis, lain tempat geubisna Ratu. Tapi di dieu mah kecap labuh téh ngandung harti datang tuluy cicing tetep tumetep. Palabuhan Ratu téh, Ratu anu datang tuluy cicing tetep tumetep, malah jadi pamingpin rahayat. Ari nu dimaksud Ratu di dieu, nyaéta Nyai Putri Purnamasari. Putri bungsu Raja Pajajaran ti selirna nu ka tujuh. Anu sanggeusna ngadegkeun lembur gedé nu disebut lembur Cidadap, dibéré gelar "Ratu Puun". Nyaéta Ratu pamingpin nagara leutik nu disebut Kapuunan Cidadap téa.

Kumaha jeung iraha mimitina ngadegna éta lembur Palabuhanratu ?



ABU GUNDUL

Abu Gundul atawa disebut Siti Jubaedah.

Hadirna ka Surade mimitina kanyahoan di sisi basisir Karangbolong. Salirana jangkung koneng, ngalemar, tapi mastakana (sirahna) gundul. Ieu oge jadi dipake totonden (itungan) samemeh Jepang datang, Abu Gundul datang bari gundul, teu lila gubrag datang Jepang, kitu nu matak dipake ciciren ku urang Surade.



ABU GENDAM

Abu Gendam datang ka Surade kira-kira tahun 1959, cenah sabada Dekrit Presiden (5 Juli 1959). Abu Gendam sok icalan sabangsa kelontongan (jarum pentul, benang, peso lipet, kueh keur bangsa barudak jeung rea-rea deui).

Ari dagang, anjeuna mah sok sare bae, janten lamun urang rek balanja, boh meser naon bae, sok bae duitna simpen dina tolok tea. Abu Gendam ngadidik kana kajujuran tiap jalma nu balanja ka anjeuna.



ABU CINGKRIK

Abu Cingkrik adalah seorang perempuan yang pernah berada di Kecamatan Surade. Beliau sangat terkenal waktu itu, namun mempunyai sikap yang aneh.

Abu Cingkrik nama aslinya yaitu Siti Julaeha, asal Cirebon dan menurut cerita beliau adalah istri Kangeng Sultan Cirebon (betul atau tidaknya, ini merupakan keterangan yang kami peroleh hasil wawancara dari orang-orang yang pernah kedatangan, pernah menginap dirumahnya atau pernah bersama Abu Cingkrik).



baladaka: Legenda - Cerita Rakyat