Seni Budaya Siram Batu Indung Lembur










SINOPSIS


Upacara Nyebor merupakan upacara adat yang pernah dilakukan sebagian warga Surade masa lalu yaitu melakukan atau membacakan do'a memohon keselamatan kepada Tuhan Yang Maha Kuasa yaitu tanggal 1-10 Syuro dan untuk di Cigodobros setiap tanggal 2 Syuro dan pertama kali dilaksanakan oleh Rd. Suranangga yakni pada pertama kali menanam Batu Indung Lembur (Batu Ungkal Biang)

Upacara Nyebor adalah nuansa spiritual sebagai refleksi rasa syukur kepada Tuhan Yang Maha Kuasa atas melimpahnya rejeki hasil bumi di kampung tersebut, atas keberkahan serta keamanan perlindungan Tuhan Yang Maha Kuasa

Upacara Nyebor juga sebagai ungkapan dengan harapan agar memperoleh hasil yang lebih baik tanpa rintangan di kemudian hari, juga memohon perlindungan dari hal-hal negatif dalam kehidupan sehari-hari

Nyebor bertujuan melestarikan budaya nilai-nilai luhur yang khas di Surade sebagai salah satu ciri masyarakat lokal dalam melanjutkan warisan budaya leluhur. Ciri khas yang disebabkan banyak hal baik aturan, geografis, sistem sosial, sistem keagamaan, yang berpengaruh membentuk watak perilaku dan pola pikir.

Demikian sekedar pengetahuan mengenai Upacara Nyebor yang pernah dilakukan masa lalu di sekitar Surade.

Surade, 05 Desember 2023
Ki Kamaludin
baladaka surade





GENDING JIRO SEBENTAR, TERDENGAR SULING MELANKOLIS, KEMUDIAN SEPI SEJENAK DILANJUTKAN SUARA KOHKOL 3 KALI KEMUDIAN DATANG KI PUNUH BERKATA LANTANG
KI PUNUH : Tah, sora kohkol, dak!”
balabar ka awat-awat,
ceunah eudeuk aya pangagung Nagara
nu ngahaja unggah pikeun babakti
deuk bebenah! Sangkan lembur nagara urang waluya
LAGU/MUSIK INSTRUMENTAL, IRINGI TARI BALAMAYANG MENUJU SEPUTARAN BATU UNGKAL BIANG (ATUR FORMASI)
KI PUNUH : Keupat reundang BALAMAYANG
Mapag pasang patahunan
Nyirorot ti mega Malang
Ngalanglang ka pangadegan

Angin lamping ayun ambing
Indung lembur reundang datang
Ayun ambing lilir eling
Diayun angin

Ayun bangban kingkilaban
Ayunan areuy kaheman
Urang sunda majajaran
Cangreud pageuh pamadegan
MUSIK LEMBUT MENGIRINGI SIMBUL SUARA GAIB KARUHUN TETUA KAMPUNG TERDAHULU. BALAMAYANG SIKAP SEMEDI PADA POSISI DAN FORMASI SEKITAR LOKASI BATU UNGKAL BIANG MENDENGAR SUARA SIMBUL KARUHUN TERDAHULU
Aing nu nangtung singuwung-nguwung
Sidendang singawang-ngawang
Di aran sumangga wenang ratu
Patanjala seda
Nu wisesa di buana pancatengah
Deuk nyusuk di cikaweningan
Deuk mengkong di cigodogoborosan
Nyangkere nete di kate
Pepende panyarandean
Ngadukuh matuh di cipicunggirang

Sang batara susuktunggal
Tutug windu patahunan
Tutug galur guru bhumi
Batu gilang ungkal biang
Tetengger nagara kula ciri bali
Geusan ngajadi ti dinya mimiti gelar
Ti eta sarakan banjar karang pamidangan
Jeung ti dinya panginditan jeung kadinya pangbalikan
Asal ti Allah... mulang ka Allah
MUSIK PORTE, KI PUNUH SEOLAH-OLAH KAGET DAN SEGERALAH IA BERJALAN MENYALAKAN MENYAN LALU NGARAJAH
Lagu Kuno Sari : “Puuuuun... paraluuuuun
Ahuuuuung...!

Purasun nyanggakeun punjung
Ka Yang Widi Maha Kawasa
Serebung menyang panggendam
Nembus bakti ngalingling langit
Ngelum mumbul ka kahiyangan
Ka anu Murbeng di jagat alam sakabeh

Neda Nu Agung Ngajurung
Ngajurung sadaya abdi
Ngalanglang jagat buana
Nyiriwik ka indung peuting
Tun turun ngalokat jagat Ngarah Nagara repeh rapih

Ahuuuuung... ahung
Ulun sredah Sang Rumuhung
Sang tatwa halanggiya ngawandawa di saniskara
Ulun sredah udawat
Paraluuuuun...!”
MUSIK PERLAHAN MENGIRINGI GERAKAN KI PUNUH YANG MASIH MEMBACAKAN MATRA RAJAH PENYINGLAR
Papag sungsang suda pulang
Pulang sia ka urut sia datang
Ti luhur, kudu kabur ka luhur Ti handap, ... kudu mulang ka handap...
Pewah.... pwah.... pwah.....
Kaler, kidul, kulon, wetan
Ti tengah ti pasampangan .... siro kabeh.....
Ulah jail Jailuloh
Ari eudeuk wani kudu ka Allah
Allahumma Baid Baina
Ulah nyieun balahi ka nagara
Ulah nyieun balahi ka sakur somah di ieu lembur...
Singlar... singlar...
MUSIK KERAS LALU MENURUN MENGIRINGI SUARA KI PUNUH MELANJUTKAN PESAN BISIKAN SUMBER AIR DARI PEGUNUNGAN TATAR JAMPANG :
Bur burinyay cahayana cai Jampang
Rampes datang baranyay tirta Batara
Batara dangiang guru
Nu nyuwaka di bunisora
Kahirupan boros ngora
Boros kaso pangayuga
Cikarang ki Ranggasena
Cipamarangan Kentring Manik Mayang Sunda
Cidolog dungus kamanggung
Ciletuh sang udu basu
Parunjul aya digunung
Ngajugjug leuweung larangan
Ngaracik hujan ngaricik
Ngarah hiru panggih jeung hurip
Ngarah hurip panggih jeung tingtrim
Jembar magelaran
Waluya nagara
Waluya pangagung nagara
Waluya sakabeh somah
Raharja sugih walatra
Tutug windu tutug galur nyakra bumi
Poe ieu poe patahunan
Patahunan nyiram batu ungkal biyang
Poe pangeling ngeling diri
Poe panglokat jagat
Dilokat rajah pangradinan
MUSIK INSTRUMEN DAN BALAMAYANG MENYERAHKAN KENDI KEPADA LULUGU.

PEMIMPIN ACARA MEMPERSILAHKAN 4 LULUGU LEMBUR UNTUK MENGAMBIL / MEMBAWA AIR KENDI YANG TELAH DI ISI SUMBER AIR PEGUNUNGAN TATAR JAMPANG, YANG NANTINYA AKAN DISERAHKAN KEPADA PANGAGUNG NAGARA (BUPATI/YANG MEWAKILI)
Patuhunan pangelingan
Panggeuing jatining diri
Angin laut kumareumbing
Srangenge ngilu nyaksian

Seug ukir dina lalangit
Prak tatah di jero iga
Panyinglar marga pabentar
Rampak singlar pacengkadan

Ulah pagirang-girang tampian
Mending hirup rarageman
Runtut rukun sauyunan
Gotong royong sabilulungan

Asih asuh sili wangi
Sapangkek sapanutuan
Sadulang sapangakeulan
Saarih sapanyeupanan
4 LULUGU MENYERAHKAN KENDI BERISI AIR KEPADA TETUA KAMPUNG (BUPATI/YANG MEWAKILI). PEMIMPIN ACARA MEMPERSILAHKAN TETUA KAMPUNG UNTUK BERKENAN MENCUCURKAN AIR KENDI TERSEBUT PADA BATU UNGKAL BIANG. KETIKA TETUA KAMPUNG MENCUCURKAN AIR KENDI, KI PUNUH TERUS MELANTUNKAN DOA/MANTRA-MANTRA :
Lebur ujar ala manusa
Lebur tindak ala manusa
Lebur raga ala manusa
Lebur sasab mrana manusa
Huuuuung.... Ahuuuuung... Buuur...
KI PUNUH TERUS MELANTUNKAN MANTRA SAMBIL MEMANDU CUCURAN AIR PADA BATU INDUNG UNGKAL BIANG
Maka sukla hirup manusa
Maka sukla hurip manusa
Maka sukla hirup hurip manusa
Maka sukla eling sajati manusa
Eling ka diri inyana
Eling ka jalan pati inyana
Eling ka Allah Subhanahu Wa Ta’ala
Subhana robbuk ijjati amma yasipun
Wasaalmun alal mursalin walhamdulillahi
Robbul aalamiin. Aamiin.
PEMIMPIN ACARA MEMPERSILAHKAN BUPATI/YANG MEWAKILI BESERTA 4 LULUGU UNTUK KEMBALI KE TEMPAT.

MUSIK KERAS MENGIRINGI 4 LULUGU BESERTA BUPATI/YANG MEWAKILI KEMBALI KE TEMPAT. MUSIK INSTRUMEN..... BALAMAYANG MENARI KEMBALI KE TEMPAT.
Balamayang muru gunung
Panganjrekan pangadegan
Ratu indung nutur ibun
Ngarenundang ka kahiyangan
Kuda seperani ngapung
Jangjangna kirab-kiraban
Asuh bapak asuh indung
Pangjejer ngigelan jaman
Gantar hoe di barera
Ngait mayang mamak mawur
Alus gawe hade raksa
Tutureun saumur umur.


Disusun oleh : Ki Kamaludin.

Sumber :
  • Buku tulisan Haji Abdul Halim
  • Anis Djatisunda (Wariladramasunda)
  • Ki Kamaludin (Majalah Hanjuang)
  • Buku Sejarah Surade

ooOoo

Di salin dari "Buku Sejarah Surade"
Hak Cipta © Baladaka Surade - 0812 1984 3366


Demikian Catatan Kecil tentang :
Terima kasih atas kunjungannya dan "Selamat Berkreasi Semoga Sukses"

Selanjutnya 
« Prev Post
 Sebelumnya
Next Post »

Catatan Terkait



Seni Budaya Siram Batu Indung Lembur